Friday, February 24, 2023

Papatong

PAPATONG


Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

**
Sore mengok ka ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
Ngalayang ngawahan arek pamitan
Omat tong ka jongjonan

Reff
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

Back to **

No comments:

Post a Comment

Aya Gentosna

AYA GENTOSNA Urang tepang munggaran lebah péngkolan Pareng amprok pada-pada lalagasan Tepung teuteup nunda rasa geter cinta Nu ahirna papada...