Tuesday, February 28, 2023

Peyeum Bandung

PEUYEUM BANDUNG


Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana

Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

*Musik

Dimana-mana di kampung di kota
Tos kakoncara ku nikmat rasana

Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung henteu sambarangan

Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

Monday, February 27, 2023

Borondong Garing

BORONDONG GARING


Borondong garing
ider kota pilemburan

mekar lumaku diri
anu dagang bari mimitran

Borondong garing
haleuang katineung ati

jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin peuting

Oleh-oleh Priangan di lingkung gunung
Majalaya Soreang Banjaran Bandung

hate jongjon lugina anu dikantun
narik ati matak luas nu ngabantun

Sunday, February 26, 2023

Beger Mindo

BEGER MINDO


Tara tara bisasari
Akang dangdan meuni lami pisan

Kumis jarang di kurudan
Siga mangsa keur bujangan

Tara pisan biasana
Akang dangdan eleuh bebeakan

Rambut lucir rapih pisan siga mun beger munggaran
Kacamata hideung pindah kana tarang

Ngilu ngilu bujang nu karek umur belasan
Beurang peuting nganclong neangan nu donto
Diri nya tipoho ka anak jeung bojo
(Anu beger mindo poho anak bojo)

Friday, February 24, 2023

Papatong

PAPATONG


Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

**
Sore mengok ka ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
Ngalayang ngawahan arek pamitan
Omat tong ka jongjonan

Reff
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

Back to **

Thursday, February 23, 2023

Cinta - Hetty Koes Endang

CINTA


Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)

Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona
Cinta lir ibarat nu geulis

Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)

Cinta penuh pengorbanan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh kasadaran
Cinta datangna teu kaharti

Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)

Cinta mangkat mega endah
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta tembang kanyaan

Wednesday, February 22, 2023

Kalangkang

KALANGKANG


Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu deudeuhna

Kanyaaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih...

Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu leahna

Pameunteu marahmay manis
Teu isin ...kaambung damis

Rambut panjang nu ngarumbay
Disangkeh panangan nyampay

Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung geten
Perlambang asih nu mekar

Kabagjaan nu duaan...nu duaan
Hanjakal ...hanjakal teuing

Endah ngan ukur kalangkang...
Harepan...harepan ... diri
Sing nyanding jeung kanyataan

Tuesday, February 21, 2023

Es Lilin

ES LILIN


Es lilin mah didorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

 
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

 
Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan

 
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana

 
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal paler geuningan da ku sabulan

Monday, February 20, 2023

Potret Manehna

POTRET MANEHNA


Potret manehna
Nu katampa minggu kamari
Dipiguraan
Di simpen dihade-hade

Anteng diteuteup
Jadi batur dina simpe
Aduh endahna
Mapaesan taman hate

Potret manehna, potret manehna
Ditilik disidik-sidik
Diteuteup dibulan-balik
Ku manis bae

Potret manehna, potret manehna
Socana, imutna, teuteupna sagalana
Ngan keur kuring bae

Potret manehna
Wawakil jirim jinisna
Tanda satia
Ngarah kangen salilana

Matri hiji dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang langka tepung
Potret anu digugulung
Potret manehna...

Sunday, February 19, 2023

Deg Degan - Hetty Koes Endang

Dinten Minggu kalangkung
Nu munggaran patehu
Sok ana salangkung uuuu
Ratu ketuk jajantung

Dinten Minggu kalangkung
Nu munggaran kenalan
Dag dig dug sama rasa
Hate pun terasa

Kamari go tepang deui
Hateku mun teu
Raja kasingen
Manehna balakani cinta aaah

Naha teu teuda
Nu tepang salangkung
Kumata nguyuh
Ngalang layung kapidangdem

Nu tepang salangkung
Kumata nguyuh
Ngalang layung ka memelamen
Minggu nu payung ceunah anjeuna

Sejak nepahna
Hate teu sabar ngantosan aaah
Naha deg deg an
Dinten Minggu kalangkung

Nu munggaran patehu
Sok ana salangkung uuuu
Ratu ketuk jajantung
Dinten Minggu kalangkung

Nu munggaran kenalan
Dag dig dug sama rasa
Hate pun terasa
Kamari go tepang deui

Hateku mun teu
Raja kasingen
Manehna balakani cinta aaah
Naha deg deg an

Nu tepang salangkung
Kumata nguyuh
Ngalang layung kapidangdem
Nu tepang salangkung

Kumata nguyuh
Ngalang layung ka memelamen
Minggu nu payung ceunah anjeuna
Sejak nepahna

Hate geus te sabar ngantosan aaah
Naha deg deg an
Nu tepang salangkung
Kumata nguyuh

Ngalang layung ka pidangdem
Nu tepang salangkung 
Kumata nguyuh

Aya Gentosna

AYA GENTOSNA Urang tepang munggaran lebah péngkolan Pareng amprok pada-pada lalagasan Tepung teuteup nunda rasa geter cinta Nu ahirna papada...