Wednesday, November 30, 2022

PASRAH

Duh... Naon lepatna..
Lamun hate.. mikanyaah
Duh.. Naon dosana..
Lamun hate miasih dirina..

Duh.. kapalang deudeuh..
Ieu hate.. mikaheman..
Duh.. Kapalang cinta...
Pikeun dirina..

Najan kudu nandangan tunggara
Rek satia moal rek sulaya
Narah upami kedah papisah
Najan kudu nandangan tunggara

Rek satia moal rek sulaya
cinta...
moal rek kadungsang dungsang
Cinta..
Nupasrah jiwa jeung raga

sumerah..
Moal baha kumawula
Cinta lahir tumekaning batin
Sumanding.. Asih nu kingkin

Duh.. kapalang deudeuh..
Ieu hate.. mikaheman..
Duh.. Kapalang cinta...
Pikeun dirina..

Najan kudu nandangan tunggara
Rek satia moal rek sulaya
Narah upami kedah papisah
Najan kudu nandangan tunggara

Rek satia moal rek sulaya
cinta...
moal rek kadungsang dungsang
Cinta..

Nupasrah jiwa jeung raga
sumerah..
Moal baha kumawula..
Cinta lahir tumekaning batin
Sumanding.. Asih nu kingkin

No comments:

Post a Comment

Aya Gentosna

AYA GENTOSNA Urang tepang munggaran lebah péngkolan Pareng amprok pada-pada lalagasan Tepung teuteup nunda rasa geter cinta Nu ahirna papada...