Monday, March 6, 2023

Aya Gentosna

AYA GENTOSNA


Urang tepang munggaran lebah péngkolan
Pareng amprok pada-pada lalagasan
Tepung teuteup nunda rasa geter cinta
Nu ahirna papada tepung jeung bagja

Na kunaon ayeuna anjeun beut cidra?
Pédah éta, wartosna aya gentosna
Najan urang hirup teu weléh sangsara
Tapi cinta ka salira teu aya duana

Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan enggeus hayang balik
Pédah tos aya gentosna

Layung luhur méga
Éndahna kabina-bina
Anu pundungna salira
Akang nu nyeri kacida

Na kunaon ayeuna anjeun beut cidra?
Pédah éta, wartosna aya gentosna
Najan urang hirup teu weléh sangsara
Tapi cinta ka salira teu aya duana

Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan enggeus hayang balik
Pédah tos aya gentosna

Layung luhur méga
Éndahna kabina-bina
Anu pundungna salira
Akang nu nyeri kacida

Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan enggeus hayang balik
Pédah tos aya gentosna

Layung luhur méga
Éndahna kabina-bina
Anu pundungna salira
Akang nu nyeri kacida

Sunday, March 5, 2023

Saha Nu Lepat

SAHA NU LEPAT


Saha nu leupat mun diri katalanjuran
da bongan keur salira beut sarimbang jéng manehna

Saha nu leupat mun heureuy kaleuleuwihi
da bongan keur salira bét sasorot jéng bihari

Hanjakal tépang teh kapandeurian
dina wanci gés reupreupan

mun maksa kudu dipenta tangtu géde mamalana
Mana nu leupat, ti mangsa paduduan

da hate pernah kagiwat kusalira jéng teuteupna
Saha nu leupat mun heureuy kaleuleuwih

da bongan keur salira bét sasorot jéng bihari
Hanjakal téupang teh kapandeurian

dina wanci gés reupreupan
mun maksa kudu dipenta tangtu geude mamalana

Mana nu leupat, ti mangsa paduduan
da hate pernah kagiwat kusalira jéng teuteupna

Da hate pernah kagiwat kusalira...jéng teuteupna

Friday, March 3, 2023

Darmaga Cinta

DARMAGA CINTA


Najan salira
Sanes nu munggaran dina cinta abdi
Tapi salira panungtungan panganggeusan
Pikeun cinta abdi

Memang salira
Sanes nu munggaran ngalebetan rasa
Tapi kacinta kasalira buleud manteb
Teu aya duana

Tos teubih abdi lalayaran
Ngambah sagara cinta
Tapi can mendakan darmagana cinta
Nu sajati

Akhirna dugi ka tujuan
Di darmaga cinta
Na cinta salira abdi berlabyh
Salamina

Najan anjeun sanes
Cinta nu munggaran
Tapi kacinta
Sesah ngabandingkeunana

Memang salira
Sanes nu munggaran ngalebetan rasa
Tapi kacinta kasalira buleud manteb
Teu aya duana

Tos teubih abdi lalayaran
Ngambah sagara cinta
Tapi can mendakan darmagana cinta
Nu sajati

Tos teubih abdi lalayaran
Ngambah sagara cinta
Tapi can mendakan darmagana cinta
Nu sajati

Najan anjeun sanes
Cinta nu munggaran
Tapi kacinta
Sesah ngabandingkeunana

Tos teubih abdi lalayaran
Ngambah sagara cinta
Tapi can mendakan darmagana cinta
Nu sajati

Tos teubih abdi lalayaran
Ngambah sagara cinta
Tapi can mendakan darmagana cinta
Nu sajati

Najan anjeun sanes
Cinta nu munggaran
Tapi kacinta
Sesah ngabandingkeunana

Thursday, March 2, 2023

Anjeun

ANJEUN


Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya,
pangbageurna sadunya iwal anjeun

Anu heman tur daria, anu
jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun

Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan

Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun

Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun

Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang

geugeut...Ngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka

Putus ka ditu ka dieu.
Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya,

pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu
jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh

Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna

Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan

Wednesday, March 1, 2023

Rame - Rame

RAME - RAME


Yu batur rame-rame
Hayu urang suka bungah galumbira

Gotong royong sauyunan
Digarawe babarengan.

Ulah sok loba catur
Sok komo lamun bari ngomongkeun batur

Hilangkeung pangangguran
Hayu urang ciptakeun pangwangunan
(Hey pembangunan)

Sistim kaamanan jeung lingkungan
Eta hiji kewajiban

Program keluarga berencana
Cukup boga anak dua

Dukung kebersihan, kasehatan
Jeung pendidikan lingkungan urang.
(Hey hayu dukung, hey babarengan).

Tuesday, February 28, 2023

Peyeum Bandung

PEUYEUM BANDUNG


Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana

Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

*Musik

Dimana-mana di kampung di kota
Tos kakoncara ku nikmat rasana

Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung henteu sambarangan

Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

Monday, February 27, 2023

Borondong Garing

BORONDONG GARING


Borondong garing
ider kota pilemburan

mekar lumaku diri
anu dagang bari mimitran

Borondong garing
haleuang katineung ati

jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin peuting

Oleh-oleh Priangan di lingkung gunung
Majalaya Soreang Banjaran Bandung

hate jongjon lugina anu dikantun
narik ati matak luas nu ngabantun

Aya Gentosna

AYA GENTOSNA Urang tepang munggaran lebah péngkolan Pareng amprok pada-pada lalagasan Tepung teuteup nunda rasa geter cinta Nu ahirna papada...